2 Babad 23
Sanggeus ngantos meunang genep taun, Imam Yoyada mutuskeun yen geus waktuna kudu singkil. Anjeunna ngabadamian lima senapati: Asarya bin Yaroham, Ismail bin Yohanan, Asarya bin Oded, Maaseya bin Adaya, jeung Elisapat bin Sikri,
diutus ka sakuliah karajaan Yuda. Baralikna deui dibarengan ku urang Lewi jeung ku sakabeh para kapala warga.
Geus kitu karumpul di Bait Allah, ngucapkeun ikrar satia ka Yoas, putra raja. Yoyada misaur, "Ieu teh putrana raja suwargi! Urang jenengkeun raja, sapagodos jeung jangji PANGERAN yen turunan Daud salawasna kudu aya anu jadi raja.
Jalanna kieu: Engke dina dinten Sabat, waktu para imam sareng urang Lewi ngajalankeun papancen, anu sapertilu kedah ngajagi lawang-lawang gapura Bait Allah,
sapertilu deui ngajaga lawang-lawang gapura karaton, sesana tempatkeun di Gapura Pademen. Rahayat kedah kumpul di buruan Bait Allah.
Ulah aya anu diidinan asup ka jero Bait Allah, lian ti para imam sareng urang Lewi anu eukeur mangku pancen, lantaran aranjeunna mah parantos saruci. Anu sejen kudu di luar bae, kudu tuhu kana papakon-papakon PANGERAN.
Urang Lewi kedah sayaga ngalingkung raja bari ngabar pedang. Mun raja angkat-angkatan ka mana ge kedah terus dilingkung. Sing saha anu maksa asup paehan."
Parentah Yoyada ku urang Lewi jeung ku urang Yuda dijalankeun. Sakur anu jaraga dina poe Sabat tea sanajan giliran jagana geus beres oge henteu dibubarkeun. Nu anggeus jaga, nu eukeur ngajaga keneh, ku kapalana terus dicangking.
Para perwira ku Yoyada dipakarangan ku tumbak jeung kepeng titilar Raja Daud anu disimpen di Bait Allah.
Di hareupeun Bait Allah sakurilingna dijaga ku jalma-jalma anu maresat pedang, ngaraksa raja.
Ti dinya Yoas ku Yoyada dituyun kaluar, tuluy dimakutaan jeung diserenan salinan aturan martabat raja. Yoas dijenengkeun, dilisahan ku Imam Yoyada jeung putra-putrana. Jalma-jalma ragem ngabageakeun ka rajana, "Wilujeng Raja!"
Earna anu ngabarageakeun raja kadangu ku Atalya. Anjeunna muru ka Bait Allah anu geus pinuh ku jelema.
Katingalieun raja anyar keur ngadeg gigireun pilar paranti raja-raja, deukeut lawang Bait Allah, dilingkung ku para perwira jeung ku pasukan tarompet. Rahayat sarurak ayeuh-ayeuhan dipirig ku sora tarompet, sarta para biduan maruji bari narabeuh kacapi, ngajejeran anu keur mestakeun raja. Atalya nyoehkeun anggoanana, manahna mentegeg. Tuluy ngagero, "Hianat! Hianat!"
Yoyada nyaur para perwira, ngajaga supaya Atalya ulah nepi ka dipaehan di lingkungan Bait Allah; parentahna, "Bawa Atalya, kaluarkeun liwat barisan kawal! Anu nyoba rek nulungan, paehan!"
Atalya dicerek dibawa deui ka karaton, tuluy dipaehan di Gapura Kuda.
Imam Yoyada ngajak Raja Yoas jeung rahayat ngucapkeun ikrar babarengan yen seja jaradi umat PANGERAN.
Geus kitu jalma-jalma teh arindit ka tempat pamujaan Baal. Eta pamujaan dirugrugkeun, altar-altar jeung arca-arcana dileburkeun, sarta Matan imam Baal dipaehan hareupeun altar-altar.
Para imam jeung urang Lewi ku Yoyada ditempatkeun di Bait Allah sina nyarekel papancen di Bait Allah, ngajalankeun kawajiban anu ti Raja Daud, ngurban ka PANGERAN nedunan parentah Hukum Musa, kitu deui papancen lianna, nya eta ngatur pupujian jeung pesta-pesta.
Lawang-lawang Bait Allah ku Yoyada diberean nu ngajaga, pikeun nyegah jelema anu najis asup ka Bait Allah.
Ti dinya para perwira, para kekentong rahayat, para pajabat jeung jalma rea ngarak raja ti Bait Allah ka karaton, dijejeran ku Yoyada. Sup raja ka karaton liwat Gapura Utama, gek linggih dina singgasana.
Rahayat saruka bungah, nagara geus tengtrem, sabab Atalya geus teu aya, geus dipaehan.